Info Sekolah
Kamis, 17 Sep 2026
  • Selamat datang di MA YPPA Cipulus

UNDAK-USUK BASA SUNDA JEUNG AJÉN SOPAN SANTUN : TANTANGAN KOMUNIKASI SISWA DI LINGKUNGAN MADRASAH

Jumat, 4 September 2026 Oleh : admin-mayppacipulus

Pangarang : H. Deden Awaludin, M.Pd

Guru Mapel B.Sunda

Di lingkungan madrasah, komunikasi antara siswa jeung guru henteu saukur ngeunaan nepikeun maksud jeung informasi. Aya ajén anu leuwih jero, nyaéta tatakrama, silih ajénan, jeung rasa hormat. Salah sahiji wujudna bisa katitén tina kumaha siswa ngagunakeun basa nalika komunikasi jeung guru.

Dina budaya Sunda, urang mikawanoh istilah undak-usuk basa, nyaéta aturan atawa tatakrama dina ngagunakeun basa anu diluyukeun jeung saha urang nyarita, ka saha urang nyarita, jeung dina kaayaan kumaha komunikasi éta lumangsung. Ku kituna, basa Sunda henteu ngan ukur jadi alat komunikasi, tapi ogé ngagambarkeun sikep jeung karakter jalma anu ngagunakeunana.

Nanging, dina kahirupan sapopoé di lingkungan madrasah, hususna di antara siswa jeung guru, masih kapanggih fenomena anu cukup matak prihatin. Sababaraha siswa masih ngarasa hésé ngagunakeun basa Sunda lemes nalika nyarita jeung guru. Ieu hal tangtu henteu bisa langsung dianggap minangka kurangna sopan santun siswa. Aya sababaraha faktor anu mangaruhan, salah sahijina nyaéta kasang tukang lingkungan basa siswa anu béda-béda.

Madrasah anu siswa-siswana asalna ti sababaraha wewengkon saperti Karawang, Subang, Bekasi jeung sabudeureunana tangtu miboga kaayaan kabasaan anu rupa-rupa. Aya siswa anu ti leuleutik geus biasa ngagunakeun basa Sunda, aya ogé anu leuwih sering ngagunakeun basa Indonesia atawa basa Sunda anu loma dina kahirupan sapopoéna. Nalika asup ka lingkungan madrasah anu ngabiasakeun komunikasi basa Sunda, hususna basa Sunda lemes ka guru, tangtuna merlukeun prosés adaptasi.

“Basa Lemes Henteu Saukur “Basa Anu Hésé”

Sababaraha siswa sok ngarasa yén basa Sunda lemes téh hésé lantaran loba kecap anu béda jeung basa Sunda sapopoé. Kecap “dahar” misalna, nalika nyarita ka guru bisa robah jadi “tuang”. Kecap “indit” bisa jadi “angkat”, sedengkeun “datang” bisa jadi “sumping”.

Kasusah éta téh wajar, utamana pikeun siswa anu henteu biasa ngagunakeunana ti lingkungan kulawarga. Ku sabab éta, pangajaran undak-usuk basa henteu cukup lamun ngan ukur dipedar dina buku atawa di jero kelas. Éta kudu dilatih, dibiasakeun, jeung dipraktékkeun dina kahirupan sapopoé.

Di dieu peran lingkungan madrasah jadi penting. Sakola atawa madrasah bisa jadi tempat pikeun siswa diajar basa Sunda henteu ngan ukur tina téori, tapi langsung tina prak-prakan komunikasi.

Nalika Basa Jadi Cerminan Tatakrama

Dina budaya Sunda aya ungkara “hade tata hade basa”. Ungkara ieu ngandung harti yén kahadéan hiji jalma henteu ngan ukur katémbong tina naon anu dilakukeun, tapi ogé tina kumaha manéhna nyarita jeung ngahargaan batur.

Nalika siswa nyarita ka guru kalayan basa anu merenah, henteu hartina siswa kudu ngarasa handap. Sabalikna, éta mangrupa wujud ngajénan guru sarta ngaraketkeun hubungan anu hadé antara guru jeung siswa.

Contona, béda pisan rasa anu ditarima tina kalimah:
“Pa, abdi teu ngartos.”

jeung:

“Pa, punten, abdi teu acan ngartos. Badé naros.”

Duanana miboga maksud anu sarua, tapi pilihan kecap jeung tatakrama ngajadikeun komunikasi kadua leuwih merenah pikeun situasi antara siswa jeung guru.


Santri, Basa Sunda, jeung Akhlak

Salaku lingkungan atikan anu ngagedékeun ajén agama, madrasah miboga tanggung jawab henteu ngan ukur ngawangun siswa anu pinter sacara akademik, tapi ogé miboga akhlak anu hadé.

Ajén sopan santun dina budaya Sunda sabenerna miboga titik temu anu kuat jeung ajén akhlak dina Islam. Ngahargaan guru, ngajénan anu leuwih kolot, nyarita kalayan lemah lembut, sarta henteu nyeri haté batur mangrupa sikep anu penting dina kahirupan saurang santri.

Ku kituna, diajar basa Sunda lemes henteu kudu ditempo minangka kawajiban mata pelajaran wungkul. Éta bisa dijadikeun bagian tina pendidikan karakter jeung pembiasaan akhlak di lingkungan madrasah.

Siswa anu can lancar ngagunakeun basa Sunda lemes henteu kudu langsung dicap teu sopan. Sabalikna, maranéhna kudu dibéré rohangan pikeun diajar. Guru bisa jadi conto, babaturan bisa silih ngingetan, sedengkeun lingkungan madrasah bisa nyiptakeun kabiasaan anu ngadukung.


Tantangan pikeun Urang Saréréa

Ngawangun budaya komunikasi basa Sunda lemes di madrasah tangtuna henteu gampang. Ieu téh lain tugas guru Basa Sunda wungkul. Guru mata pelajaran séjén, tenaga kependidikan, bahkan siswa sorangan miboga peran anu sarua.

Bisa dimimitian ku hal-hal anu sederhana: ngabiasakeun salam, nyuhunkeun idin kalayan basa anu merenah, ngagunakeun kecap “punten”, “muhun”, “hatur nuhun”, “mangga”, jeung kecap-kecap séjén anu ngagambarkeun tatakrama.

Nu paling penting nyaéta prosés ngabiasakeun, lain ngan ukur nungtut kasampurnaan.

Siswa anu asalna ti Karawang, Subang, Bekasi atawa wewengkon séjén henteu kudu ngarasa yén kasang tukangna jadi halangan pikeun diajar basa Sunda. Sabalikna, éta bisa jadi bagian tina kabeungharan lingkungan madrasah. Maranéhna datang kalayan rupa-rupa pangalaman kabasaan, tuluy diajar hiji hal anyar pikeun silih lengkepan.


Ti Hésé Jadi Biasa

Basa anu henteu biasa diucapkeun tangtuna bakal karasa hésé. Tapi basa anu terus dipaké bakal jadi kabiasaan. Tina kabiasaan bakal lahir rasa percaya diri, sarta tina rasa percaya diri bakal tumbuh kamampuh.

Ku kituna, lamun ayeuna masih aya siswa anu kagok nalika nyarita basa Sunda lemes ka guru, ulah buru-buru dianggap gagal. Bisa jadi maranéhna memang keur aya dina prosés diajar.

Guru henteu ngan ukur ngajarkeun “kumaha nyarita anu bener”, tapi ogé ngabimbing “kumaha nyarita kalayan hade”.

Sabab dina ahirna, tujuan diajar basa Sunda lain saukur sangkan siswa bisa nyebutkeun kecap “tuang, sumping, angkat, sareng ngadangu” kalayan bener. Nu leuwih penting nyaéta sangkan siswa ngarti yén basa téh miboga rasa, jeung tatakrama téh bagian tina ajén diri.

Hade tata, hade basa. Hade basa, hade lampah.

Mugia lingkungan madrasah urang tiasa janten tempat anu henteu ngan ukur ngajarkeun élmu, tapi ogé ngamumulé basa, budaya, tatakrama, jeung akhlak. Sabab nalika basa anu santun terus hirup dina lisan para siswa, di dinya ogé aya harepan yén ajén kasopanan bakal terus hirup dina paripolahna.

Tulisan Lainnya

Oleh : Mohamad Masthur Puadil Kamil

Abu al-Hasan As-Syadzili (593-654H)

Oleh : Muhammad Musyaddad Mabrur, S.Pd

THE WIND (ENGLISH POETRY)

5 Komentar

IBARFARID BRAMDANI , Sabtu 5 Sep 2026

Hayu urang ngamumule bahasa indung

Reply
Ugum , Sabtu 5 Sep 2026

Basa sunda nu urang sunda, urang sunda kedah nyunda, margi bangsa nu kuat nyaeta bangsa nu ngamumulé kana budayana

Reply
Dudi S , Sabtu 5 Sep 2026

Basa Sunda bakal Aya salawasna. Mantap pa haji

Reply
EUIS SRI M , Sabtu 5 Sep 2026

Leres mang haji.Margi kiwari tata laku lampah paripolah Oge bahasa anu Hade teh,tos ngawitan luntur.Pamugi ieu janten pangemut kanggo urang sadayana

Reply

Tinggalkan Komentar

 

Video Terbaru