Info Sekolah
Jumat, 01 Des 2023
  • Selamat datang di MA YPPA Cipulus

BUDI PEKERTI ( TATAKRAMA )

Minggu, 17 Oktober 2021 Oleh : Dudi Sopandi, S.Pd.

Budi pekerti teh aturan kasopanan atawa kahormatan. Budi pekerti (identik) sarua jeung tatakrama, bisa jadi sacara etimologi mah aya bedana. Jaman kiwari nu disebut jaman modern urang diserbu ku rupa-rupa pangaruh budaya deungeun (barat) dina sagala widang kahirupan. Sagala nu datang ti dunya barat dianggap maju jeung modern sarta tangtu bakal jadi jaminan kahirupan nu motekar.

Tapi urang poho yen aya sisi negatifna (goreng) ku pangaruh globalisasi, diantarana ayana pangaruh budi pekerti ( tatakrama ) atawa sopan santun dina hirup kumbuh urang, teu kurang budak nu nganggap ka kolot siga kasasamana atawa jiga kababaturanana dina basa jeung paripolah sapopoe nu jauh tina tatakrama / budi pekerti. Bet karasa pisan perluna mikiran budi pekerti teh, sugan weh bisa ngabentengan pangaruh goreng tea bari sakapeung sok nanya ka diri sorangan “ Naha aya jeung perlu keneh tatakrama di urang teh ? ”. Mun di simpulkeun bari basajan pisan tatakrama (budi pekerti) anu mangrupa bagian tina kahirupan sapopoe teh sakurang-kurangna aya dua hal nyaeta :

  1. Dina rengkak polah ( anggah-ungguh )
  2. Dina basa ( undak-usuk )

Contona : Naha bet make karasa aya nu nyentug kana hate lamun aya siswa-siswi ngaliwat  kahareupeun guruna bari teu ngarengkuhkeun awakna, mana komo mun teu nyebut punten-punten acan mah. Naha asa bet teu ngeunah kadengena, lamun aya barudak ngobrol ” sia-aing ” jeung pada baturna ….naha ?

Sararea nyaho yen nu disebut basa teh alat komunikasi anu pohara pentingna dina kahirupan sapopoe. Ayana adab-adaban, tatakrama, ayana tahapan basa, saestuna lain pikeun ngawilah-wilah atawa ngabeda-bedakeun tahapan darajat jelema, lain ! Da anu popoyongkodan oge can tangtu dianggap sopan. Atuh perkara basa kasar apan urang sok rajeun ngagunakeun mun keur ambeuk. Dina basa nu penting teh sing merenah nempatkeunana. Da sanajan kekecapanana lemes oge ari teu dibarengan ku lentongna mah baris leungit lemesna teh. Barudak nu ku urang diancokeun baris jadi “penerus bangsa “ lain ngan wungkul kudu cageur, bageur, bener, pinter jeung singer tapi kudu wanoh kana tatakrama boh angah-unguh boh undak-usuk basa.

Kulantaran kitu asa  kawilang merenah lamun budak ku kolotna jeung guru-guruna saeutik-saeutik dideukeutkeun bari dilelempeng tatakramana, apan ari disakola mah waktuna samporet /saeutik pisan nepakeun bab Budi peketi (tatakrama) ka barudak teh waktuna kauger pisan. Urusan tatakrama hade tata, hade basa, teh lain ngan perlu dina hirup kumbuh tapi apan ti urang ka urang  keur urang.  Muga –muga aya manfaatna..

3 Komentar

ifcuzope , Senin 13 Feb 2023

[url=http://slkjfdf.net/]Osinai[/url] Tecuvejix gvp.jyne.mayppacipulus.sch.id.zgx.tj http://slkjfdf.net/

Balas
epizoleniguja , Senin 13 Feb 2023

[url=http://slkjfdf.net/]Ukeqokid[/url] Ejizafipi kuf.urnf.mayppacipulus.sch.id.vpx.cm http://slkjfdf.net/

Balas
cialis viagra , Kamis 7 Sep 2023

hi brother awesome website viagra

Balas

Tinggalkan Komentar

 

Video Terbaru